Senin, 21 November 2016

0

Asal Usul Curug Bangkong - Kuningan


ASAL MUASAL CURUG BANGKONG
SAJARAH
Nurutkeun carita ti masarakat sakitar curug, baheula basa aya saurang kolot ngaranna Wiria, asalna ti Ciamis.  Manéhna sok tapa di unggal tempat, anu keur ngalalana.  Teu kahaja manéhna manggihan hiji curug .  Tuluy manéhna hayang tapa di éta curug pikeun nambah kasaktian. Ogé manéhna yakin lamun di tempat éta ogé manéhna baris bisailafat. Singket carita, manéh ngajarkeun masarakat ngajieun gula beureum anu tuluy jadipakasaban sapopoé masarakat désa Kertawirama.Hiji waktu, Wiria anu disebut abah Wiria ku masarakat désa Kértawirama ngarasa aya anu ngahareosan pikeun tapa deui di éta curug, harita tapana lain sapoé atawa dua poé tapi mangtaun-taun nepi ka masarakat hariwang abah wiria moal balik deui. Sabada éta masarakat néang abah wiria ka curug tapi teu kapanggih dedegannana, nepi ka masarakat nyimpulkeun yén Abah wiria ngajirim jadi bangkong sabab saprak abah Wiria teu kapanggih sok aya sora bangkong padahal di sabudeureun curug jarang kapanggih bangkong. Tidinya éta curug dingaranan curug bangkong, sabab dipercaya curug éta di jagaan ku abah wiria anu ngajelma jadi bangkong.

0 komentar:

Posting Komentar